Kamis, 06 Oktober 2016

pidato bahasa sunda (muqadimah)

Assalamu'alaikum Warohmatullahi Wabarokatuh
 
PUJI anu jadi panghias ati, urang sanggakeun ka Allah nu maha suci. puja anu jadi panghias rasa, urang sanggakeun kan Allah Azza wajalla, anu parantos nyiptakeun bumi,langit, sareng pangesina katut aturanana, anu dicandak ku kangjeng rosul, nu mangrupa Al_Qur'an.
solawat sinareng salamna, pamugia tetep dikucurkeun, dikocorken, tur di kecerkeun ka baginda alam, mahluk pang mulyana sa alam marcapada ieu, nu wastana kangjeng Nabi Muhammad SAW, anu mana tata titi insan berbudi, kangjeng rosul anu sajati.
atuh semu alung kembang tanjung, rasa hegar kembang mawar, malati nujadi panghias ati,samoja nujadi kadeudeuh bulan, dina dangdaunan nu hejo ngemplok anjena lahir, anjena endah manan kembang anu endah, ngadalingding sapanjang peuting, nyambunang sapanjang berang, negakeun kalimah toyyibah minal masyrik ilal maghrib, tug dugikakeun urang sadaya anu hadir di ieu patempatan, pamudah-mudahan urang kengeng safaatul uzdma, amin ya robbal alamin.
Kiwari pamuka catur turiang jadi jarami, minangka ngababaktos, ngaula sanes bade ngabibisani, ningkatkeun ngelingan raga gaganti payung nu lengit, lengit kalapa muluntu, tugenah taya pangais, aisan lepot kerbudak, daki nya ngabulen kana diri, rineka mangun siloka, kabita ku romat gusti, pedah dauh gusti nu katutur dina Al Quran.
Anaking jimat awaking, anjen hirup kumelendang di alam dunya, sing bisa TAWA SOUBIL HAQ WATAWA SOUBIS SOBRI, sing bisa silih asah, silih asih, silih asuh, malah mandar dina ukhwah islamiyyah, ukhwah insaniyyah jeng ukhwah ihsaniyyah. Anjen hirup di alam dunya tug dugika yaumal anu abadi, aherat jenenganana.
Saba’dana sim kuring ngucapken tahiatul kaislaman, ciri kasantrian, tanda kasopanan. Bilih inggis ku bisi, rempan ku basa, kasiku laku kadepak lampah, lur ngalangkung, lar ngaliwat, mipit teu amit, ngala teu bebeja, simkuring seja nyuhunkeun timbang laju, laer aisan, ti para wargi sadayana, ti luhur saujung rambut jeng kotomena, tihandap sausapdampal jeng roromeheuna, ti gigir sa ujung cingir jeung tai kukuna, ti tengah sa aya-aya. Pantes jeng munasabah urang di contoan ku Rosul, urang kudu silih hampura dosa. Kumaha kinten-kintena…? (naros kan hadirin)
Alhamdulillah, clik putih, clak herang, jalan gede sasapuan, lir ibarat caang bulan tanggal 14, pamudah-mudahan teu aya gantar kakaitan engkin di yaumal kiamah, amin.
Kalawan di kawitan ku ngucap BISMILLAHHIRROHMANIRROHIM, nu jadi sekar pangiring catur, tarate hate, malati ati, dahlia ikhlasing werdaya, sangkan cumantel dina ati sanubari anu sajati, geusan jadi pangemat aworanana kedal jeng amal.
Pamugi ieu acara sing di tambih kabarokahanana ku Allah. Kalayan berkah wasilah ieu riungan urang sadaya, pamudah-mudahan urang sing tiasa jalan-jalan ka mekah, nongkrong di madinah, towaf di ka’bah, sa’I di sofa wal marwah, wukuf di arafah, balik ka imah, meli mobil mewah, nyieun imah megah, kawin ka teh endah, boga turunan soleh jeng solehah, maot weh husnul hotimah, amin yarobbal alamin.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar